Contoh Sisindiran Budak Akuntansi
Hayu urang ngarang sisindiran ala budak Akuntansi! Sampurasun! Hayu urang diajar ngarang sisindiran ala budak akuntansi. Tapi nu kahiji, naon sih sisindiran teh? Aya naon wae dina sisindiran teh? Sisindiran urang sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman baheula èstuning dalit jeung kahirupan sapopoe, biasana digunakeun dina komunikasi sapopoe. Papasingan sisindiran: 1. Dumasar wangun - Paparikan - Rarakitan - Wawangsalan 2. Dumasar eusi - Piwuruk - Silih asih - Sesebred Contoh sisindirannana: 1. Dumasar wangung A. Paparikan Lamun ngecrik make dasi Lauk loba meunang hanteu Ceurik budak akuntansi Ngitung loba balance hanteu B. Rarakitan Mun tulus ka Jakarta Kacida pisan panasna Mun balance debet kreditna Kacida pisam bungahna C. Wawangsalan Tukang ngitung duit batur? Sok nuangan beas ketan (akuntan) 2. Dumasar eusi A. Piwuruk Mun datang ti Balikpapan Pikiran ka Sulawesi Kudu sabar nyingareupan ...