Ngarang Sisindiran Budak Akuntansi

 Sampurasun?


Hayu urang pedar hiji-hiji!

Tina sakumna patalekan tadi bisa dicindekkeun yen rata-rata siswa ngarasa paling gampil ngarang paparikan dibandingkeun wangun sisindiran sejenna. Ku naon pangna kitu? Hal eta teh alatan nu diudag dina paparikan ngan sora-sora nu deukeut dina engang panungtung padalisan 1 jeung 3, 2 jeung 4.


Hayu urang revieu heula cirina: 

-Sapadana diwangun ku opat jajar.
-Unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang.
-Jajaran kahiji jeung kadua disebutna cangkang.
-Jajaran katilu jeung kaopat disebutna eusi 
-Sora vokal dina tungtung jajaran cangkang, murwakanti (sasora) jeung vokal dina tungtung jajaran eusi.


Ayeuna urang latihan ngarang sisindiran.

1. Dina ngarang sisindiran alusna urang nangtukeun heula eusina, nyaéta jajaran katilu jeung kaopat. Soal kumaha eusina mah bébas baé. Naha rék silih asih, sésébréd, atawa piwuruk. Nu penting luyu jeung tema jurusan. Upamana hidep nu di Akuntansi temana nyaeta ngeunaan Laporan Keuangan perusahaan dagang. Misalna keur pieusieunana téh kieu:

            Na laporan juta-juta,
            na saku ngan maratusan.

2. Ulah poho, jumlah engang (suku kata) unggal jajaranana kudu dalapan-dalapan engang. Cirian sora tungtung-tungtung jajaranana, contona lantaran tadi jajaran katilu sorana ta , jeung kaopat sorana an. Hartina sora jajaran kahiji kudu ta , jajaran kadua sorana kudu an.

3. Sanggeus eusina kapanggih, kakara néangan kekecapan keur cangkangna. Lamun eusina siga di luhur, hartina urang kudu néangan kekecapan atawa kalimah nu sora tungtungna ta jeung an. Upamana urang nyokot ngaran sasatoan atawa ngaran tangkal:

Nanaonan mawa onta,
nya baku mun kakatusan.
 

Jadi, sisindiran urang téh lengkepna bakal kieu:

Nanaonan mawa onta,
nya baku mun kakatusan.
Na laporan juta-juta,
        na saku ngan maratusan.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

BAB 1. Menginstal APK MYOB Plus v.18

BAB 2. Mengoperasikan Aplikasi MYOB Accounting Plus Versi 18 Pada Perusahaan Jasa