Contoh Sisindiran Budak Akuntansi

Hayu urang ngarang sisindiran ala budak Akuntansi!







Sampurasun!
 
Hayu urang diajar ngarang sisindiran ala budak akuntansi. Tapi nu kahiji, naon sih sisindiran teh? Aya naon wae dina sisindiran teh? 

Sisindiran urang sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman baheula èstuning dalit jeung kahirupan sapopoe, biasana digunakeun dina komunikasi sapopoe.

Papasingan sisindiran:
1. Dumasar wangun
- Paparikan
- Rarakitan
- Wawangsalan
2. Dumasar eusi
- Piwuruk
- Silih asih
- Sesebred

Contoh sisindirannana:

1. Dumasar wangung

A. Paparikan
Lamun ngecrik make dasi
Lauk loba meunang hanteu
Ceurik budak akuntansi
Ngitung loba balance hanteu

B. Rarakitan
Mun tulus ka Jakarta
Kacida pisan panasna
Mun balance debet kreditna
Kacida pisam bungahna

C. Wawangsalan
Tukang ngitung duit batur?
Sok nuangan beas ketan (akuntan)

2. Dumasar eusi

A. Piwuruk
Mun datang ti Balikpapan
Pikiran ka Sulawesi
Kudu sabar nyingareupan
Mun diajar akuntansi

B. Silih aslih
Pulisi aya disisi
Megatan mobil jeung motor
Eta budak akuntansi
Kabogohna kalkulator

C. Sesebred
Barudak ulin disisi
Ulinna geus titatadi
Kabeh budak akuntansi
Mun can balance moal mandi


Nah kitu contoh sisindiran budak akuntansi, hatur nuhun kana sagala rupi pangartosan, punten kirang lewihna, urang patepung deui dina iyeu blog, hatur nuhun.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

BAB 1. Menginstal APK MYOB Plus v.18

BAB 2. Mengoperasikan Aplikasi MYOB Accounting Plus Versi 18 Pada Perusahaan Jasa